Rabu, 18 Maret 2015

#ReboNyunda: Sieun Momotoran di Lembur

Ti kapungkur, abdi paling sieun momotoran didieu, di lembur. Sanajan abdi mimiti diajar motor didieu, tapi duka kunaon dugi ka ayeuna abdi teu wantun keneh wae momotoran didieu. Mm.. Wantun sih, tapina teu luas teuing. Asa neregteg kitu pami momotoran didieu mah. Benten teu sapertos pami abdi momotoran di Semarang basa kuliah. Semarang-Jogja ge hajar.

Aya sabaraha hal nu jadi sabab abdi sieun momotoran didieu.

Kahiji. Jalan didieu butut. Aspalna ancur barolong, seueur kolaman, taneuhan oge. Abdi paling sieun nyetiran motor di jalan butut. Panangan teh tos geumpeur tipayun weh pami ningali di payuneun jalanna butut. Komo pami tos hujan mah. Jaba butut, becek, leueur, hiihh pisieuneun weh pokona mah. Abdi rada trauma nyetiran di jalan butut. Aya kana opat kalian abdi pernah geubis di jalan butut. Sanes didieu sih, tapi di lembur Bapa sareng di lembur Emih. Di lembur Bapa, abdi pernah geubis 3 kali. Parahna, geubis katilu kalina di lembur Bapa abdi ngaboncengkeun dua rai abdi. Rai nu pangalitna, nu masih kelas 1 SD nangis gogoakan. Acukna bubulukut ku taneuh. Abdina.. Barareuh, biru, memar, lecet di panangan sareng sampean. Eta sih geubis di jalan butut nu luka-lukana pangparahna. Sedengkeun nu geubis di lembur Emih mah mung tisoledat wungkul, tapi abdina teu kunanaon. Malah ka seuseurian tea sareng bibi jeung dede. Hujan-hujan, becek, leueur, si abdi malah milih lewat taneuh nu ngagunduk, nya enya lah tisoledat, da nuju leueur-leueurna.

Kadua. Nu numpak motor didieu mah teu terang aturan. Misalkeun kieu.. Manehna bade belok ka katuhu, ngahurungkeun sen katuhu, tapi malah cicing heula ke kenca. Jadi kan ngagokan urang nu aya di pengkereunna. Padahal da ai nu ngartos mah kedahna pami bade belok ka katuhu, nya sen katuhu, lantas nyandak jalan rad aka tengah (ka katuhu), belok weh, teu kedah cicing ke kenca heula. Cigana teh kaca spionna tara diarangge da didieu mah. Piraku bade belok luak-lieuk heula ka pengker. Naa ai kaca spion kangge naon? Kangge ngeunteung wungkul cigana -_-. Misalkeun deui kieu.. Didieu mah nu numpak motor teh di belokan ge tarik wae. Atawa posisina ti jalan gang bade lebet ka jalan raya, sami deuih tararik wae. Malah dugikeun di jalan lembur (gang) oge angger eta tararik wae. Teu garaduheun rem sugan nya. -_-.

Katilu. Knalpotna garandeng. Duuh abdi mah parusing pami pendakan sareng motor nu knalpotna garandeng. Batur ti pabrikna mah ngahaja knalpot teh didamel teu gandeng. Eehh ieu malah dimodip jadi garandeng. Nu pusing mah batur, Jang, sanes anjeun -_-.

Kaopat. Murangkalih tos seueur nu momotoran. Seuseueurna sepuh didieu mah bangga meureun pami murangkalihna tos tiasa momotoran nyalira teh. Tapi abdi mah henteu da. Abdi mah risih malah. Aralit keneh tos dipasihan ijin nganggo motor ka jalan raya. Aduuh malah pimelangeun eta teh. Namina murangkalih mah da acan dewasa, saleresna mah acan kenging nganggo motor. Pan cenah saur polisi ge kendaraan bermotor bukan untuk anak di bawah umur. Murangkalih didieu nganggo motor da seuseueurna kanggo pamer pangabisa (bisa numpak motor), kangge abring-abringan, kangge kekebutan. Lah pokona mah sanes kanggo mangpaat ciga urang nu tos dewasa.

Kuseueurna sabab nu abdi jelaskeun di luhur, abdi janten carang pisan momotoran nyalira didieu. Abdi pasti nyuhunkeun anteur wae ka Ibank, atawa ka si Enok pami Ibankna teu tiasa. Pami kapaksa-kapaksa teuing teu aya nu tiasa nganteur, nembe abdi nyalira, bari jeung geumpeur tea.


Kade nya sing ati-ati momotoran teh, boh di lembur, boh di kota.. Cilaka mah aya dimana-mana sih. Urang nu ati-ati ge geuning pami batur teu ati-ati nya angger urang ngiringan kena cilaka. Ah pokona mah sing seueur bismillah sareng waspada. Sahenteuna urang sanes janten panyababna, boh panyabab cilaka batur atawa panyabab keuheul batur di jalan.

by. si Famysa, :)

6 komentar:

  1. sami teh, di lembur urang ge murangkalih ngangge motor teh sanes keur kaperluan tapi keur abringan tungkrang tongkrong sareng kekebutan.

    BalasHapus
  2. waduh abdi sok momotroan di dieu tapi masih di perumahan

    BalasHapus
    Balasan
    1. perumahan mah mending cigana tante, ieu mah perkampungan. wkwk

      Hapus

hatur nuhun kana kasumpingannana :) mangga bilih aya kalepatan atanapi aya nu bade dicarioskeun sok di dieu tempatna..

Mijn Vriend