Rabu, 11 Maret 2015

#ReboNyunda: Resep Teu Resepna Hirup di Lembur

Para kanca sadaya aya nu hirup di lembur sapertos abdi? Kumaha tah raraosanna? Pasti aya resep sareng teu resepna lah nya, da namina ge hirup. Dimana-mana ge pasti sama, bakal aya resepna, bakal aya teu resepna oge.

Ti kapungkur, ti jaman SMA keneh, abdi emang tos kapikiran hoyong netep di lembur wae. Wios abdi teu kenal ka tatanggi, teu hirup di lembur salami sakola mah, asal kin pami tos beres sakolana, abdi hoyong uih ka lembur. Caritana mah hoyong ngawangun lembur. Sapertos jargonna Pa Bibit, mantan Gubernur Jawa Tengah tea geuning, ”balik ndeso, mbangun deso”, nu hartosna uih ka desa, ngawangun desa. Jujur abdi makin kuat kahoyongna yen hiji wanci abdi bakal uih ka lembur ngawangun lembur nyalira saprak maca jargon Pa Bibit eta.

Ayeuna kahoyong abdi tos kalakonan –nuju dilakonan sih langkung pasna mah :D-. Saprak rengse kuliah abdi hirup di lembur. Hmm… Padahal sih kawitna mah hoyongna teh uih ka lemburna kin jaga pami tos rada gagaduhan nanaon. Kawitna mah hoyong ngawangun karir atanapi usaha heula di kota. Harita Semarang atanapi Jogja nu janten kota pilihan abdi kangge ngawangun karir/usaha. Janten iraha bade uih ka lemburna? Kawitna mah hoyongna teh 5 taunan saentos ngawangun karir/usaha di kota, saentos gagaduhan, boh gaduh harta, boh gaduh harti, tah nembe uih ka lembur.

Namina ge manusa nya, ngan ukur tiasa ngarencanakeun, angger wae nu nangtukeun jalan hirup urangna mah Gusti Alloh. Abdi janten langsung netep di lembur deh saprak rengse kuliah S1 di Undip. Sabab abdi sareng Ibank gaduh rencana bade nikah, bade hirup sareng. Tapi Ibankna alim netep heula di kota kusabab mamahna Ibank alim Ibank tebih-tebihan deui netepna. Saur mamahna teh kieu, “bade naon atuh netep teh meuni tebih-tebih teuing, kunaon meuni hoyong di Jawa wae? Padahal mah didieu weh rencangan mamah. Nya pangtebihna di Bandung atuh supados tiasa sering tepang sareng mamah.” Waah nya entos pami alesanna kitu mah abdi ge teu tiasa ngalawan deui. Ibank kan tetep kedah nurut ka mamahna nya, da kedahna kitu pameget mah. Hehe.. Teras ditambih deuih ku pamikiran Ibank kieu, “mun urang ngawangun karir/usaha heula di kota, meureun angger kin pami uih ka lembur teh da urang lembur mah moal arapaleun urang tos gaduh naon, tos tiasa naon. Eta mah sami sareng kin waktosna urang uih ka lembur teh urang kedah ngamimitian deui ngawangun karir/usahana didieu. Nya mending ti ayeuna pokuskeun ngawangun didieu wae. Da urang salami ieu emang teu kenal sasaha di Subang. Mending weh pami ti ayeuna urang ngawangun karir/usaha di Subang, sahenteuna urang bakal kenal ka hiji-dua jalmi teuing mah.”

Ti alit abdi emang budak lembur, budak kampung. Tapi saprak SMP, abdi seueur kagiatan di sakola. Ditambih deuih ti kelas 2 SMP, abdi tos sibuk ka Subang Kota wae kangge pelatihan Jambore Nasional Pramuka taun 2006. Saprak eta, abdi janten seueur hirup di Subang Kota. Di lembur ngan ukur kanggo tempat bobo wungkul, tapi kagiatanna mah seueurna di luar. Pas kelas 3 SMP ge, abdi pernah mondok di Daarut Tauhiid Bandung. Teras SMA-na di Subang Kota, kuliahna di Semarang. Kusabab netep tebih-tebih wae, abdi janten teu aya waktos kangge ngawadul sareng urang lembur, abdi janten teu pati kenal sareng urang lembur.

Resepna hirup di lembur teh… Hargi-hargi kabutuhan poko marirah, kahirupanna sederhana, dahar teu dahar nu penting kumpul lah di lembur mah.. Jalmina resep pataros, resep babantos, acan seueur saingan kangge usaha modern. Ku kahirupanna nu sederhana, abdi janten tara mikiran shopping, hangout, picnic jeung sajabina ciga kapungkur. Abdi janten tiasa langkung hemat didieu. Da batur ge teu aya nu sok balanja ka mal, batur ge tara aya nu carita jalan-jalan kamana, ka acara naon, sagala rupi. Benten ciga basa abdi sakola/kuliah di kota, aya weeh bawaan hoyong nurutan gaya hirupna urang kota. Hoyong ka mal tea, hoyong jajan kuliner tea, hoyong ka tempat itu tea, hoyong ka acara ieu-itu, ah hoyong seueur lah pokona mah. Da jujur weh kahirupan di kota emang menggoda pisan, seueur karesepan pisan.

Salian ti resep hirup di lembur, aya teu resepna oge… Di lembur sesah sinyal, sesah transportasi, sesah akses nanaon, sesah manggihan rencang ngobrol nu seueur pangarti, tatanggi-tatanggi biang gosip, teu aya toko buku deuih, higs.. Benten pisan sareng di kota. Di kota mah nanaon cigana teh aya. Hoyong nanaon gampil milarianna. Seueur komunitas-komunitas nu mangpaat deuih. Sedengkeun di lembur, tong boro di lembur sih, milari nanaon di Subang Kota ge angger sesah. Nu kahiji karaos pisan ku abdi mah ku teu ayana rencang ngobrol nu seueur pangarti sih. Asana teh didieu mah nanaon ku artos, sanes ku otak sareng usaha urang. Didieu mah kitu-kieuna urang ayaa wae nu mandang lepat. Tatanggi A ngagosip, dugi ka tatanggi Z, tereh pisan dugina.

Nyaa kitu lah namina hirup mah moal saterasna seneng, moal seterasna susah nyaa. Nu penting mah urangna tetep hepii weh. Hehehe…

Hayuu urang sami-sami ngaluruskeun niat netep di lembur teh kangge naon.. Urang sami-sami bismillah diniatan uih ka lembur kangge ngawangun lembur. Kumaha-kumahana lembur oge da angger urang seueuran hirup didieu, urang lahir didieu, ameng didieu nuju alit.. Pami sanes urang nu ngawangun lembur nyalira, saha deui? Batur mah can tangtos gaduh pamikiran sapertos urang. Urang weh nu ngartos nu ngamimitian. Omat nya, tong dugi ka hilap ka lembur nyalira! Suksesna urang di luar, aya jasa lembur nu nganteurkeun urang ka luar :)

by. si Famysa, urang lembur :)

12 komentar:

  1. Bingung ni teh mau koment pake bahasa apa yah heheee,,,
    Jadi khusus hari rabu di isi sama b.sunda yah..
    Lolobana memang urang lembur loba anu janten perantau tapi sakedik oge anu tos menetap jadi orang perantau sakinteun mulang na jarang,, paling mung satahun sakali eta oge pami lebaran idul fitri. Pami kitu oge naminage ka kampung halaman pasti aya kainget na,, aya paribasana hari idul fitri Mudik ke kampung Halaman kempeul sareng kaluarga anu masih aya :)

    BalasHapus
    Balasan
    1. sumuhuun :D
      nah eta kang.. seuseueurna emang kitu.. nya sepuh sfa ge kitu sih..

      Hapus
  2. Aduh...Syifa... Bunda Rita juga nggak ngerti tuh bahasa Sunda, haha...boleh minta terjemahin gak? hehe..

    BalasHapus
    Balasan
    1. yaah kalo diterjemahin bukan rebo nyunda dong bun. hehee

      Hapus
  3. Duuh jadi lieur aing maah. Aku pernah lama tinggal di Babdung Syifa, dari bayi sampe kelas 3 SD tapi udah lupa semua bahasa Sunda

    BalasHapus
    Balasan
    1. wohoo udah lama banget ya mba.. boro2 yang udah lama, lha wong aku aja 4 tahun di semarang lupa2 gitu sama beberapa kata karena ga pernah dipake.

      Hapus
  4. ikut2nya nyunda + bahasa indonesia:

    lamun abdi mah, seetik-etik bisa ngerti bahasa sunda (little-little english version) wkkwkwkwkwkwk
    kalo di lembur (kampung ya?) abdi mah, sunda kasar bahasana di pandeglang, jadi agak beda jeung di bogor, bandung, & priangan kitu...

    *mabok nulis komentarnya tapi harus biar melestarikan bahasa daerah :)
    salut euy ada blog yang konsisten seperti ini...

    BalasHapus
    Balasan
    1. muhuun hayu urang sakedik2 ngamumule basa sunda :D najan kasar ge bae lah. haha

      Hapus
  5. ageung dilembur, moal nepi mopohokeun lembur nyalira nya teh :)

    BalasHapus
  6. aku butuh google translate fah, asli. hahaha

    BalasHapus
    Balasan
    1. wkwkwk... yoo tiap rabu mlipir ke google translate ya mel :D

      Hapus

hatur nuhun kana kasumpingannana :) mangga bilih aya kalepatan atanapi aya nu bade dicarioskeun sok di dieu tempatna..

Mijn Vriend