Saha didieu nu gaduh hobi aneh cuung! Naon hobi
anehna? :D
Pami abdi mah, hobi anehna nyaeta sok nyabutan bulu
soca. Duka timana ngawitanna, ti iraha, abdi teu emut. Abdi ngan emut hobi ieu
tos mulai ti nuju abdi kelas 5 SD keneh. Tiasa emutna teh gara-gara harita nuju
ngobrol sareng wali kelas di bangku handapeun tatangkalan payuneun kelas, si
ibu wali kelas nyarios kieu bari reuwas ningalikeun soca abdi, “Neng Syifa ari eta bulu socana kunaon? Naha teu ayaan
sapalih kitu. Idiih malahan gundul ieu mah, Neng..” Lah, abdi kan heran
nya.. Maenya ah bulu soca abdi gundul sapalih. Tapi pas abdi ngarampa soca teras
ngaca, eeh enya geuning bulu soca abdi teu ayaan. Hahaa..
Abdi teras nyarita ka si ibu yen abdi sok nyabutan
bulu soca wae. Pami socana arateul, pasti kedah nyabutan bulu soca. Pami teu
dicabutan, hayoh weeh arateulna moal ical. Abdi janten diseuseulan deh ku si
ibu :P Ku si ibu dicariosan bla bla bla, abdina teu emut deui cariosanna,
hehe..
Kadieukeunna, ti saprak sadar sok nyabutan bulu
soca gara-gara ibu wali kelas, abdi masiiih wae sok nyabutan bulu soca. Kelas 6,
kelas 1 dugi kelas 3 SMP, kelas 1 dugi kelas 3 SMA, salami kuliah, malahan dugi
ayeuna, abdi masih ngagaduhan hobi aneh nyabutan bulu soca ieu. Tuda ge teu
raoseun, soca teh arateul pami bulu socana teu dicabutan. Janten weh bulu soca
abdi tara leres, aya nu panjang, aya nu pondok, aya nu leubeut, aya nu carang. Pami
ibarat waos tea mah sapertos waos gingsul.
Rekor bulu soca abdi nu dicabutan pangseueurna
pernah dugi ka 37 helai (sawaktos, sasoca
wungkul). Canggih kan? Haha :P Abdi kadang sok mikir geuningan bulu soca abdi
ayeuna mah tara seep deui sapertos nuju kelas 5 SD kapungkur nya. Hebat lah
produksi bulu socana, cabut hiji tumbuh sarebu
cigana mah nya :P Ngan nya eta tea, bulu soca abdi janten gingsul sareng jegreg
ka payun, teu aya lentik-lentikna deui.
Pernah nuju kuliah, duka pas semester sabaraha mah,
abdi bade diliput ku mahasiswa nu nuju milarian bahan tulisan nu temana hobi
aneh. Abdi diusulkeun ku rencangan abdi ka mahasiswa nu bade ngaliput eta. Saurna
mah anjeunna (mahasiswa eta) resepeun ka hobi aneh abdi, haha.. Tapina tapina…
Duka atuh nya kamana nu bade ngaliputna teh. Teu cios weh ujung-ujungna mah *siandelo! :P
Upami para kanca sadaya sih naon hobi anehna? :D
by. si Famysa, rada seueul euy --
Tiasa muka bisnis bulu mata palsu berarti ieu mah.
BalasHapusbahaha ide sae rip :D
Hapusah...abdi mesti buka kamus basa sunda deui teh #maksa #asalnekat #maafganyambungkomengnya
BalasHapusgoogle translate aya teu nya? :D
Hapushadu Syifa nyeri henteu bulu soca di cabutan, kade bisi seep
BalasHapusnyeri pami kaseueuran mah tante. hehe
Hapusdija gak ngerti
BalasHapus:(
nanti tante private dija dulu biar dija ngerti yaa. mau ga? :D
HapusNgos-ngosan aku bacanya fah! Hahaha. Padahal dulu aku SD ada pejaran bahasa sunda, aku bisa nangkep dikit-dikit tulisan kamu ini, beberapa kata tahu, tapi pas dijadiin kalimat aku keliyengan bacanya hahaha. Kamu lagi ngomongin apa sih fah? :)) *terus sedih nyari tembok*
BalasHapusahaha sadar mel.. temboknya dikasih bantal yaa biar kamu ga amnesia :P
Hapus