Rabu, 08 April 2015

#ReboNyunda: Hobi Aneh; Nyabutan Bulu Soca

Saha didieu nu gaduh hobi aneh cuung! Naon hobi anehna? :D

Pami abdi mah, hobi anehna nyaeta sok nyabutan bulu soca. Duka timana ngawitanna, ti iraha, abdi teu emut. Abdi ngan emut hobi ieu tos mulai ti nuju abdi kelas 5 SD keneh. Tiasa emutna teh gara-gara harita nuju ngobrol sareng wali kelas di bangku handapeun tatangkalan payuneun kelas, si ibu wali kelas nyarios kieu bari reuwas ningalikeun soca abdi, “Neng Syifa ari eta bulu socana kunaon? Naha teu ayaan sapalih kitu. Idiih malahan gundul ieu mah, Neng..” Lah, abdi kan heran nya.. Maenya ah bulu soca abdi gundul sapalih. Tapi pas abdi ngarampa soca teras ngaca, eeh enya geuning bulu soca abdi teu ayaan. Hahaa..

Abdi teras nyarita ka si ibu yen abdi sok nyabutan bulu soca wae. Pami socana arateul, pasti kedah nyabutan bulu soca. Pami teu dicabutan, hayoh weeh arateulna moal ical. Abdi janten diseuseulan deh ku si ibu :P Ku si ibu dicariosan bla bla bla, abdina teu emut deui cariosanna, hehe..

Kadieukeunna, ti saprak sadar sok nyabutan bulu soca gara-gara ibu wali kelas, abdi masiiih wae sok nyabutan bulu soca. Kelas 6, kelas 1 dugi kelas 3 SMP, kelas 1 dugi kelas 3 SMA, salami kuliah, malahan dugi ayeuna, abdi masih ngagaduhan hobi aneh nyabutan bulu soca ieu. Tuda ge teu raoseun, soca teh arateul pami bulu socana teu dicabutan. Janten weh bulu soca abdi tara leres, aya nu panjang, aya nu pondok, aya nu leubeut, aya nu carang. Pami ibarat waos tea mah sapertos waos gingsul.

Rekor bulu soca abdi nu dicabutan pangseueurna pernah dugi ka 37 helai (sawaktos, sasoca wungkul). Canggih kan? Haha :P Abdi kadang sok mikir geuningan bulu soca abdi ayeuna mah tara seep deui sapertos nuju kelas 5 SD kapungkur nya. Hebat lah produksi bulu socana, cabut hiji tumbuh sarebu cigana mah nya :P Ngan nya eta tea, bulu soca abdi janten gingsul sareng jegreg ka payun, teu aya lentik-lentikna deui.

Pernah nuju kuliah, duka pas semester sabaraha mah, abdi bade diliput ku mahasiswa nu nuju milarian bahan tulisan nu temana hobi aneh. Abdi diusulkeun ku rencangan abdi ka mahasiswa nu bade ngaliput eta. Saurna mah anjeunna (mahasiswa eta) resepeun ka hobi aneh abdi, haha.. Tapina tapina… Duka atuh nya kamana nu bade ngaliputna teh. Teu cios weh ujung-ujungna mah *siandelo! :P

Upami para kanca sadaya sih naon hobi anehna? :D

by. si Famysa, rada seueul euy --

10 komentar:

  1. Tiasa muka bisnis bulu mata palsu berarti ieu mah.

    BalasHapus
  2. ah...abdi mesti buka kamus basa sunda deui teh #maksa #asalnekat #maafganyambungkomengnya

    BalasHapus
  3. hadu Syifa nyeri henteu bulu soca di cabutan, kade bisi seep

    BalasHapus
  4. Balasan
    1. nanti tante private dija dulu biar dija ngerti yaa. mau ga? :D

      Hapus
  5. Ngos-ngosan aku bacanya fah! Hahaha. Padahal dulu aku SD ada pejaran bahasa sunda, aku bisa nangkep dikit-dikit tulisan kamu ini, beberapa kata tahu, tapi pas dijadiin kalimat aku keliyengan bacanya hahaha. Kamu lagi ngomongin apa sih fah? :)) *terus sedih nyari tembok*

    BalasHapus
    Balasan
    1. ahaha sadar mel.. temboknya dikasih bantal yaa biar kamu ga amnesia :P

      Hapus

hatur nuhun kana kasumpingannana :) mangga bilih aya kalepatan atanapi aya nu bade dicarioskeun sok di dieu tempatna..

Mijn Vriend